Ben! Wei!… miheulaan eui! Slamet ya bro! Teu nyangka, akhir na, jadi oge! Setelah sekian lama. 😀 Pangling eui, ari make jas mah. 😀
Cinta Lokasi lah, dua-dua na sarua ti LIKMI. Tapi urang mah baheula kapanggih Ben di-kumprang. Lydia … batur gawe & batur ulin. 2 taun leuwih, lila teu kapanggih. Eh … ujug-ujug. Saminggu kamari Lydia nelepon … “Tay … gw mo kasih undangan”. Weks! 🙂 🙂 🙂 reuwas ngadenge na oge. 😀 Bener-bener, TEU NYANGKA!
Restoran HONGKONG, 14.30-16.30. He..he.. ondangan teh meni beurang keneh, pas keur puasa deuih. 🙂 Tadi mah itung-itung reuni-an eh jadina. Aya Herry, Esther & Hans, Budianto & Joanna. 🙂 Rame oge.
Ngan, rada kaduhung oge, urang teu mawa kamera urang, keur di-charge. Yah, kapaksa weh … make kakameraan tina handphone wae 😦
Pokok na mah … salamet nya! sing langgeng, sing geura menang bati. 😀